BUKIT TUNGGUL VS BUKIT UNGGUL
Ditulis ku: Chye Retty Isnendes
Hiji mangsa taun 2015 waktu ngaping mahasiswa dina acara Saba Reuma, barang asup ka perkebunan, katangen dina plang aya tulisan PERKEBUNAN BUKIT UNGGUL. Halis teh kerung da tina nu kungsi kabaca & kadenge mah BUKIT TUNGGUL. Pananya hate disidem –paingan mahasiswa nyebutkeun lokasi Saba Reuma di BUKIT UNGGUL, sakitu dipok-pokkeun BUKIT TUNGGUL ge– angkeuhan teh ke rek nanya ka masarakat di perkebunan.
Jam lima sore harita, aya mahasiswa nu laporan, cenah aya dua mahasiswa nu labuh kudu buru-buru dipariksa. Sabada ditempo, gura-giru dipangneangkeun tukang urut bisi aya urat nu salah. Aya cenah satpam perkebunan, tapi kapameng magrib, bade solat heula. Nya ditungguan, jebul Si Emang jam satengah tujuh. Disalusur jeung dirancet weh mahasiswa teh.
Satengah dalapan Si Emang beres ngarancetna, tuluy ka tenda dosen. Ngobrol ngaler-ngidul, bras kana babaran BUKIT UNGGUL & BUKIT TUNGGUL. Mun diperelekeun mah kieu. Taun 2009 aya pergantian pimpinan perkebunan nu ngaganti ngaran tina nu heubeul kana nu anyar, cenah sangkan hasil perkebunanna unggul nya diganti jadi PERKEBUNAN BUKIT UNGGUL. Si Emang buru-buru nerangkeun deui, tapi ngaran gunung leutikna mah angger BUKIT TUNGGUL. Eta mah teu tiasa digentos, Bu, da tos aya riwayatna tina sajarah Sangkuriang, cenah. Bari barabat medar lalakon sababaraha wewengkon patalina jeung eta tokoh dongeng. Malah Si Emang teh nyebutkeun yen baheulana, masarakat di wewengkon eta mah ulun ngumawulana ka Karajaan Pajajaran Bogor lain ka Karajaan Sumedang Larang atawa Majalengka.
Tina pedaran Si Emang, katiten yen perkebunan teh orientasina kana ekonomi, pikeun ngadorong produktivitas. Salian ti eta, simanahoreng ekonomi mah sok ninggalkeun jeung ngalindes budaya, di antarana kearifan lokal (folklore, spiritual) nu hirup di masarakat. Satuluyna, di masarakat nyampak dualisme sawangan kana ngaran BUKIT TUNGGUL, nu padahal perkebunan nu lokasina sok dipake perkemahan jeung ulin mah, geus diganti ku BUKIT UNGGUL, tapi masarakat di dinya mah nyebutna angger wae BUKIT TUNGGUL pedah ti baheulana ge pan ayana di suku gunung leutik nu ngaranna BUKIT TUNGGUL. Gunung nu pencelutna salawasna katutupan ku halimun.*
Pusat Kajian Sunda – The Varman Institute (TVI) merupakan unit unggulan yang berada di bawah Bidang Pendidikan Pengajaran dan Pelatihan (Department of Education, Teaching, and Training) dari Yayasan Buana Varman Semesta (BVS).