Urang kawitan ieu daftar silsilah ku Muhamad Arya Raspati. Ieu murangkalih dibabarkeun di Bandung kaping 13 Mei 2015, langkung tepatna di Padalarang, Kabupaten Bandung Barat.

Dina waktos diseratna ieu kitab silsilah, murangkalih teh masih dina yuswa 5 taun. Sakumaha ilaharna murangkalih wae, anjeuna nuju meujeuhna resep kana meser cocooan, maen langlayangan, sareng dina zaman kiwari mah kadang maen game anu aya dina hape. Kadang-kadang rajin ngaos kadang-kadang nuju alim ngaos. Upami nuju ngaos biasana angkat sareng rerencangan anu sawawa sareng anjeuna. Upami siang biasa ameng ka lapang atanapi ameng di bumi disampeur ku rerencanganana. Upami wengi kulem masih kedah diparende. Kanggo sataun atanapi dua taun kapayun, ieu murangkalih atos meujeuhna lebet ka jenjang sakola formal.

Ari Muhamad Arya Raspati ieu murangkalihna Muhamad Zaenal Arif (Bandung, 30 Juni 1988) sareng Tiya Komalasari (Karawang, 19 September 1991). Muhamad Zaenal Arif ieu anu sapertos diserat dina bubuka kitab anu gaduh hajat kanggo ngamumule tradisi pencatatan anu atos berlangsung dina sababaraha generasi sateuacana.

Batujajar, 13 Agustus 2020/23 Dzul Hijjah 1441 H

ditulis oleh

Gelar Taufiq Kusumawardhana

Penulis merupakan Ketua Yayasan Buana Varman Semesta (YBVS). Pernah kuliah di Aqidah Filsafat UIN SGD (S1), Pendidikan Geografi UPI (S1), Pendidikan Geografi UNIBBA (S1), Sejarah Peradaban Islam UIN SGD (S2) dan sedang menyelesaikan kuliah di Konsentrasi Agama dan Budaya pada Program Studi Agama-Agama (S3), tinggal di Kabupaten Bandung Barat (KBB) dan dpat dihubungi melalui No. WA. 082118635648.

"Menulis untuk ilmu dan kebahagiaan, menerbangkan doa dan harapan, atas hadirnya kejayaan umat Islam dan bangsa Indonesia".