Data Wawancara Garis Silsilah I (Kulawargi Aki Suhandi Soeradisastra)

Studi Genealogi Sunda

DATA WAWANCARA GARIS SILSILAH I
(Kulawargi AKI SUHANDI SOERADISASTRA)

Panganteur
Conto kasus anu diangge dina panalungtikan sederhana ieu, mangrupikeun data garis silsilah kulawargi anu nyerat ieu risalah nyalira. Tarekah anu dianggo dina ieu panalungtikan mangrupikeun data hasil wawancara, atanapi katerangan cariosan ti narasumber anu mangrupikeun nini anu nyerat risalahna nyalira.

Tarekah ka arah ngadamel data silsilah dilakukeun kumargi teu acan aya tradisi nyerat garis silsilah secara khusus dina kulawargi anu nyerat, sehingga teu ngagaduhan sama sekali buku pedoman atanapi dokumen tertulis khusus garis silsilah anu aya dina tradisi kulawargi anu nyerat. Data seratan eta tangtos secara khusus katinggal langkung personal, nanging udagan umumna diharepkeun kagungan guna secara secara impersonal kanggo ninggal gambaran seler-sulur sebagian anu aya dina masyarakat Sunda

Data hasil wawancara anu bakal dicandak moal sakali, nanging bakal dicandak oge dina waktos-waktos kapayunna, supados ambahanana tiasa katinggal dugi ka numbu ka puhuna secara utuh tur eces. Misalna ngalibatkeun katerangan sababaraha sesepuh anu masih jumeneng dugi ka data paling puncak anu dipikawanoh. Saupama katerangan dugi ka mentok maksimal, data anu dihasilkeun tiasa mulai dikonfrontir sareng dikoherensikeun misalna wae ti jujutan kulawargi sanesna anu gaduh kemungkinan patumbu kumargi masih aya dina sarundayan kulawargi anu mungkin wae dina cabang kulawargi anu sanes mah masih ngagaduhan dokumen tertulis anu langkung tertib tur rapih.

Narasumber anu diangge dina ieu wawancara ieu, nya eta pun nini kakasih NINI IKAH ATIKAH ti garis pun biang kakasih IBU NANI SURYANI. Janten jalur anu dicandak dina ieu fokus data wawancara ngungkap jalur carios silsilah nya eta ti abdi kakasih GELAR TAUFIQ KUSUMAWARDHANA, murangkalihna IBU NANI SURYANI (isteri alm BAPAK NONO ATMADJA KUSUMAWARDHANA), murangkalihna NINI IKAH ATIKAH (isteri AKI DAI NURHADI).

Ti jalur silsilah NINI IKAH ATIKAH ieu, mulai katinggal aya jalur ka ramana, kakasih AKI SOEHNADI SOERADISASTRA anu naratas ka BANYURESMI GARUT. Samentawis ti jalur ibuna, kakasih NINI ENTANG SOETARSIH naratas ka CIKUNDUL CIANJUR miwah CIAWI TASIKMALAYA.

Nanging kanggo tarekah awal ieu, fokus anu bakal dicandak, nya eta cabang informasi anu muncak ka luhur ti NINI ENTANG SOEKARSIH ka jalur CIKUNDUL CIANJUR anu mudah-mudahan wae kapayunna tiasa ditumbukeun ku kapendakna data-data ti sumber-sumber anu sanesna.

Pamendak
AKI DJAMHARI mangrupikeun sesepuh di CIKENDI CIANJUR, anu ngagaduhan isteri kakasih NINI ANI. AKI DJAMHARI sareng NINI ANI ieu mangrupikeun urang CIKENDI pituin, anu kawitna ti rundayan ti CIKUNDUL CIANJUR. Aya kemungkinan nami AKI DJAMHARI ieu numutkeun katerangan pun biang (IBU NANI SURYANI) oge ti pun bibi (IBU YATI SURYATI; rayina IBU NANI SURYANI), anu engkena dijantenkeun nami bendungan JANGARI (robihan tina nami DJAMHARI anu masih kedah dipaluruh).

AKI DJMAHARI sareng NINI ANI salajengna ngagaduhan murangkalih isteri kakasih NINI UWI. NINI UWI ieu salajengna engke ditikah ku AKI AHJA DJADIWANGSA (AHJA DJAJADIWANGSA). NINI UWI mah kantenan sami sareng ibu ramana nya eta pituin ti CIKENDI CIANJUR, nanging AKI AHJA DJADIWANGSA mah najan memang sami-sami dumuk di CIKENDI CIANJUR, namung kawitna ti CIAWI TASIKMALAYA. Malih mah AKI AHJA DJADIWANGSA ieu ngagaduhan raka kakasih AKI SANTANU, anu kagungan pasantren di CIAWI TASIKMALAYA. AKI SANTANU ieu ngagaduhan isteri anu salajengna dikurebkeunana di makam Sirnaraga, Pajajaran, Bandung.

AKI AHJA JADIWANGSA anu linggih di CIKENDI CIANJUR, padamelanana minangka mandor atanapi controler di Perkebunan kagungan Belanda, Kiara Payung kagungan Taun Deruk (ejahanana kedah dipaluruh). AKI AHJA DJADIWANGSA sareng NINI UWI ieu ngagaduhan murangkalih isteri kakasih NINI ENTANG SUTARSIH. NINI ENTANG SUTARSIH ieu engkena ditikah nikah ku AKI SUHANDI SOERADISASTRA anu kawitna ti BANYURESMI GARUT, anu padamelanana sareatna mah mangrupikeun sami-sami didamel minangka controler Perkebunan di Kiara Payung (harita AKI SOEHANDI SURADISASTRA penugasan damelna pipindahan sateuacan ka Kiara Payung Cianjur, sapertos diantawisna wae ti perkebunan di Ciawi).

Samentawis ti eta, pasangan NINI UWI sareng AKI AHJA DJADIWANGA ngagaduhan murangkalih istrri sanesna aya eta kakasih NINI SITI SUKAESIH, anu mangrupikeun rakana NINI ENTANG SUTARSIH. NINI SITI SUKAESIH ieu engkena ditikah ku AKI HASAN DJAJA anu kawitna ti CIAWI TASIKMALAYA. Papendakna NINI SITI SUKAESIH sareng AKI HASAN DJAJA, nalika aranjeuna sami-sami masantren di CIAWI TASIKMALAYA di AKI SANTANU. Salajengna NINI IKAH ATIKAH sareng NINI IPAH SARIPAH murangkalih isteri ti NINI ENTANG SUTARSIH (isteri AKI SUHANDI SURADISASTRA) oge AKI ENOH murangkalihna NINI SITI SUKAESIH (isteri AKI HASAN DJAJA) kantos masantren oge di CIAWI TASIKMALAYA di tempatna AKI SANTANU (daerah Cipondok, Ciawi, Tasikmalaya).

Tina hasil wawancara ieu, kapendak yen jujutan ka arah luluhur anu aya patula-patalina sareng rundayan CIKUNDUL CIANJUR nya eta AKI DJAMHARI sareng NINI UWI. Ti anu nyerat ka jalur ieu aya tetecean sajumlah 5 generasi: GELAR TAUFIQ KUSUMAWARDHANA (1) murangkalih NANI SURYANI (2) murangkalih NINI IKAH ATIKAH (3) murangkalih NINI ENTANG SUTARSIH (4) murangkalih NINI UWI (5) murangkalih AKI DJAMHARI miwah NINI ANI (6). Samentawis mung dugi ka 6 generasi ka luhur anu tiasa kalacak ku anu nyerat ieu risalah.

Narasumber
Data hasil wawancara ti NINI IKAH ATIKAH, kelahiran Cianjur 09 Januari 1936 M (yuswa 86 taun). Kantos masantren di Ciawi Tasikmalaya di pasantrem Uwana AKSANTANU (biasa disebat EYANG RADEN), oge kantos diajar di sakola Kautamaan Isteri Garut. Ayeuna linggih di Gegerkalong Hilir, Bandung.

Gegerkalong, 03 Desember 2021
Gelar Taufiq Kusumawardhana

(Nini Ipah Saripah (kiwa/raka) sareng Nini Ikah Atikah (katuhu/rayi), 2021)

ditulis oleh

Gelar Taufiq Kusumawardhana

Penulis merupakan ketua Yayasan Buana Varman Semesta (BVS). Adapun Yayasan Buana Varman Semesta (BVS) itu sendiri, memiliki ruang lingkup perhatian yang diwujudkan dalam tiga bidang, yakni: (1) pendidikan (Department of Education) dengan unit kerja utamanya yang diberi nama The Varman Institute – Pusat Kajian Sunda (2) Ekonomi (Department of Economy) dan (3) Geografi (Department of Geography) dengan unit kerja utamanya yang diberi nama PATARUMAN – Indigo Experimental Station.

Pada saat ini penulis tinggal di Perumahan Pangauban Silih Asih Blok R No. 37 Desa Pangauban Kecamatan Batujajar Kabupaten Bandung Barat Provinsi Jawa Barat (merangkap sebagai kantor BVS).

"Menulis untuk ilmu dan kebahagiaan,

menerbangkan doa dan harapan,

atas hadirnya kejayaan umat Islam dan bangsa Indonesia".