Jantera

Cekas bulan di Nipah Valley
Diwuwuh béntang nu kumelip
Haté bagja teu daek paler
Aya cahya harepan hurip

Tetelar diamparan tenda
Létah seuneu ngabebela
Taya hujan lir jadi tanda
usum imut heula dina suka

Pataréma haneut ku gogonjakan
Anggangna jarak antara urang
Ukur aya dina itungan
Pakalangan ngaraketkeun heman

1 Januari 2023