
Hujan marengan sapanjang jalan, Akang
Ngayun ambing harepan na jugjugan, Teteh
Rek dipapay jalan satapak nu ngembat
Nu kungsi Bujangga Manik ngaliwat
Naha enya kamampuh diri nyandingan
inyana, sedeng wanci muni dina naskah
kuna nu pinuh ku tanda tanya
Ti Pakuan nyalusur galur ka Pulo Jawa
Meuntas ka Nusa Bali Pulo Dewata. Emut
ka ambu, mulang balayar milu jeung kapal
Tapi indung nu mikangen tetep nganti
Sab laku arcanti lir pandita jeung purahita mawa inya di gunung-gunung Sunda;
Gunung Sembung Sang Bujangga muja
Gunung Patuha Sang Bujangga tatapa
ngahontal moksa nepi ka nirwana
Palebah dieu ukur wasa cacarita jeung
ngileng-ngileng carita. Sugan kitu sugan
kieu. Tuh jalan ka ditu tuh jalan ka dieu. Kaendahan dina pikir jeung panon batin
nu nganteng ka lawasna aya ku waas
Paingan Tohaan Pajajaran lalampah
bet tuluy kabengbat ku asri panenjoan
Lapis-lapis mega semu amis. Pakujagat
parentul ngajaul na latar wiati paul
Ari urang, enya kagembang ku raratan
nu can tutas dilengkahan
Gunung Sembung – Pakidulan Bandung
16 Juli 2022 M