Aya tilu carita anu medar perkara malidkeun jabang bayi di walungan. Tiluanana béda-béda, tur patarenggang deuih asal-muasalna gé.


Ciung Wanara dipalidkeun di Walungan Citanduy, ceuk dina carita pantun. Dipati Karna dina carita wayang anu jolna ti Hindustan, sarua dipalidkeun, ka Walungan Gangga. Saterusna, anu jolna ti Tanah Arab, dina kisah Nabi Musa as.


Asa hémeng puguh gé barang dipikiran deui mah, naha di tempat anu sakitu patarenggangna bet aya carita buhun anu babagian utamana sarua. Ciung Wanara, jelas éta mah di Sunda, jeung hasil karancagéan urang Sunda. Carita ngeunaan Dipati Karna, dijieunna ku urang India, tur jadi bagian tina babon Mahabarata. Ari kisah Nabi Musa, kasang tukangna dina budaya Timur Tengah.


Mun téa mah jaman ayeuna, dina ayana carita anu sarua di tempat anu pajarauh ogé bisa kaharti, kapan geus aya alat komunikasi. Ari lalakon Ciung Wanara, Karna, jeung Musa mah apan gelarna gé dina jaman buhun anu di antarana bisa jadi geus leuwih ti tilu rébu taun.


Lantaran geus sakitu lawasna, asa pamohalan deuih mun éta carita téh hasil tina silih tiron. Antara Musa, Karna, jeung Ciung Wanara aya unsur utama anu sarua, nyaéta lebah dipalidkeunana dina mangsa keur jabang bayi kénéh. Anu béda téh walunganana: Nil, Gangga, jeung Citanduy—saméméhna éta jabang bayi téh diteundeun dina kandaga atawa kotak leutik.
Lian ti éta, béda kasang tukangna deuih. Musa dipalidkeun ku kolotna lantaran suasana di Mesir jaman harita keur werit pisan, balukar tina pamolah raja anu nganggap yén dirina téh Pangéran. Pangna Musa dipalidkeun téh ngarah salamet, sabab dina alam harita, cenah, sakur orok lalaki anu lahir ti kulawarga Bani Israél kudu dipaéhan. Lain ku nanaon, sabab éta orok lalaki téh engkéna bakal jadi ancaman jeung cucuk rungkang pikeun kalanggengan kakawasaan raja.


Jabang bayi anu keur angkleung-angkleungan di walungan téh ahirna aya nu ngahanjatkeun, terus dibawa ka lingkungan karaton. Nya ku saréat nu kawas kitu, Musa bisa panjang umur. Dina pamustunganana, sanggeusna dijenengkeun rosul, Musa adu hareupan jeung Fir’aon. Ceuk dina kisah, ahirna Fir’aon diterebkeun ku Alloh di Laut Mérah.


Ari Karna, pangna dipalidkeun téh pikeun miceun wiwirang indungna, nyaéta Déwi Kunti, lantaran ngalahirkeun orok anu diyugakeun ku Batara Surya. Kasalahan nyampak di dua pihakanana; Déwi Kunti anu ngarempak pantrangan guruna, jeung Batara Surya anu caréraman sabab nempo putri eukeur mandi.


Ti keur budakna kénéh, Karna dikukut ku Adirata, kusir Raja Astina. Ahirna Karna bisa jeneng Dipati di Awangga. Dina perang Barata, Karna aya di pihak Astina, sarta ku adu hareupan jeung dulur saindungna (Yudistira, Bima, jeung Arjuna). Karna téh kaasup jalma anu katalimbeng di antara dua pilihan, nyaéta bebenetran jeung kahutangan budi.


Béda deui jeung dipalidkeunana Ciung Wanara, anu éta mah lantaran aya unsur intrik pulitik. Kangjeng Raja boga dua pamajikan, Naganingrum jeung Pangrenyep; duanana keur kakandungan. Pangrenyep gedé ambisi sangkan anakna jaga bisa diwaris jabatan raja. Hanjakalna téh geus pasti bakal kahalangan ku anak anu dilahirkeun ku Naganingrum—pamajikan raja anu kahiji. Nya taya deui carana iwal ti anak anu lahir ti maruna kudu disingkahkeun ti karaton, nyaéta ku dipalidkeun ka walungan.


Kandaga anu dieusian ku orok jeung endog hayam téh nyangsang dina badodon anu ditaheunkeun ku Aki Balangantrang. Ahirna éta orok terah raja téh dikukut ku si aki jeung si nini, tepi ka gedéna, sarta dina geus gedé ngalandih dirina jadi Ciung Wanara.
Ciung Wanara nagih hakna ka raja, maké cara ngadu hayam. Mun hayam bogana Ciung Wanara éléh, manéhna rék masrahkeun beuheung teukteukeun. Tapi mun hayam anu raja éléh, manéhna rék ménta sabagian kakawasaan. Ceuk ujaring juru pantun, hayam bogana raja ahirna éléh. Geus kitu mah karajaan dibagi dua, wewengkon di béh kulon dipasrahkeun ka Ciung Wanara, ari nu beulah wétanna jadi hak Hariang Banga (nyaéta anak raja ti Pangrenyep).


Boh dina carita Musa jeung Karna, boh dina lalakon Ciung Wanara, kabéhanana ogé aya unsur konflik. Tangtu waé anu karasa nyunda mah dina lalakon Ciung Wanara, da apan gelarna gé dina kahirupan urang Sunda katut budayana. Konflik dina Ciung Wanara cukup diréngsékeun ku cara ngadu hayam waé. Béda deui jeung dina kisah Nabi Musa atawa Dipati Karna anu aya pagedrug fisik, malah dina Baratayuda mah tepi ka perang rongkah sagala.


Boa-boa lalakon jabang bayi anu dipalidkeun sangkan jagana tinemu bagja téh universal, aya dina budaya nu dipimilik ku bangsa atawa sélér bangsa di ieu dunya. Dina rék ngaréngsékeun konflik téh bisa ku cara dipalidkeun heula. Maksudna, anu dipalidkeunnana téh tokoh utama carita dina mangsa keur orokna.


Mun téa mah ayeuna dina kahirupan urang aya konlik, naha naon atuh nu kudu dipalidkeun? Da geuning ari ngajeueung walungan kiwari mah nu dipalidkeunana téh runtah jeung limbah. Anu matak, walungan téh jadi kakeunaan ku polusi, di antarana kawas Citarum.


Terus deuih, saha anu rék dipalidkeunana? Ngan jigana, jaman ayeuna mah, éta (tokoh) anu dipalidkeun téh mending diantep sina ngangkleung ka laut. Hanas bakal disantok lu lauk hiu, nya kumaha deui atuh. (Gambar: The Finding of Moses, painting by Sir Lawrence Alma-Tadema, 1904)