Bubuka

A’udzu billahi minasysyaithonirrojiim Bismillahirrahmaanirrahiim

Mugia Allah maparin pituduh sareng kalancaran dina nyusun ieu seratan.

Dina dinten Jum’at, kaping 24 Juli 2020 Masehi anu ninggang dina dinten Jum’at, kaping 15 Dzulqaidah 1441 Hijriah, sim kuring parantos nepangan Bapak Drs. H. Herawan, M.MPD, M.MSI.

Ari Bapak Drs. H. Herawan, M.MPD, M.MSI. teh mangrupikeun ramana saderek Muhammad Zaenal Arif, S.PD anu gaduh pamundut kanggo dibantosan dina mang marioskeun hiji daftar silsilah anu kacutat rapih dina kitab daftar silsilah kulawargina.

Kitab silsilah eta parantos diserat turun-tumurun tina mangsa sababaraha generasi kapengker ku salah-sawios rundayan kulawargi anjeuna. Kitab terakhir anu kalungsurkeun mangrupikeun kitab anu diserat dina Aksara Jawi atanapi Aksara Arab Pegon, samentawis basana nganggo basa Jawa Cirebonan.

Eta kitab teh ka mumule ngalangkungan yasana K.H. Asep Muharam (Mama Cibaduyut) rakana Muhammad Kartobi(Mama Kartobi)anu mangrupikeun akina Bapak Drs. H. Herawan, M.MPD, M.SI. ngalangkungan garis silsilah ti ibuna(Idah) anu biasa ku kulawargina disebat Ma Idah.

Tina induk kitab eta lajeng ditambihan ku Bapak Drs. H. Herawan, M.MPD, M.SI. kanggo ngalengkepan sareng marios rundayan anu aya dina gambaran mangsa mekarna generasi ti mangsa anjeuna nyalira jumeneng.

Eta garis silsilah kapayunna bakal katinggal boh ti garis ibuna Ma Idah, boh ti garis ramana Bapak Tosin Kholil. Miwah ti garis silsilah isterina Bapak Drs. H. Herawan, M.MPD, M.SI. nya eta Ibu Yanti Trikomaryanti, S.PD.(ibuna saderek Muhammad Zaenal Arif, SPD)kaparengkeun tiasa aya garis patepung dina sababaraha rante garis silsilah kaluhurna.

Janten dina hal ieu, sim kuring sanes nalungtik sareng midamel garis silsilah anu enggal. Nanging mung saukur bade ngamangfaatkeun daftar silsilah anu parantos kacutat lengkep dina eta kitab. Sareng marios kanggo ngudag setiap daftar nami anu aya dina daftar garis silsilah eta dina hal ketelitianana hungkul. Janten saleresna mah mung saukur marios sareng ngajagi bilih aya kalepatan atanapi kirangna kalengkepan data sareng informasi anu aya.

Ku ayana ikhtiar panalungtikan garis silsilah anu aya, diharepkeun tiasa aya mangfaatna. Boh kanu gaduh hajat, dina hal ieu kulawargi anu ngagaduhan garis silsilah ieu; utamina wae kantenan kanggo saderek Muhammad Zaenal Arif S.PD miwah ramana Bapak Drs. H. Herawan M.MPD, M.SI. Oge umumna kanggo masyarakat anu ambahanana langkung seueur utamina di Tatar Sunda.

Ayana kemungkinan mangfaat anu tiasa timbul kanggo masyarakat umum, alatan panalungtikan kitab silsilah kulawargi anu sifatna ti dasar sareng sifatna terbatas ieu tiasa janten wawakil anu tiasa ngagambarkeun kumaha perkembangan jujutan kulawargi anu aya di Tatar Sunda saleresna masih tiasa keneh terhubung hingga mangsa mang abad-abad anu kapengker.

Seug komo deui upami panalungtikan kitab-kitab kulawargi anu aya di masyarakat anu sifatna masih rapih tur masih seueur dimumule keneh di setiap kulawargi anu aya tiasa oge ka talungtik. Atuh gambaran ageung perkawis perkembangan silsilah anu aya di masyarakat Tatar Sunda teh tiasa langkung kagambar langkung sae deui.

Dina mangsa-mangsa jujutan anu aya dina generasi anu atos sepuh kalangkung dina mangsa mang abad-abad kapengker, kaakuratan garis silsilah masih tiasa keneh kabantos ku diakurkeunana sareng pustaka-pustaka anu sifatna umum. Boh dina kitab-kitab silsilah setiap kulawargi anu aya ngagaduhan, boh anu mangrupikeun elmu pangaweruh umum anu parantos nyampak kacutat dina widang dokumentasi kasajarahan.

Ayana rundayan tokoh-tokoh anu katinggal aya dina garis silsilah kaulamaan, kawalian, kamenakan, kadaleman, kasultanan, dugi ka rundayan raja-raja dina mangsa periode Hindu-Budha akhir(Siwa-Budha Pajajaran) tiasa masihan gambaran anu langkung weweg yen kantos terjadi ayana persilangan garis silsilah antawis alim-ulama anu ngagaduhan geneologi Arab(Ahlul Bait) sareng menak-menak pribumi anu aya dina mangsa nanjeurna karajaan Hindu-Budha akhir.

Janten dina hal ieu, boh atas nami kulawargi anu parantos ngahaturanan restu kangge panalungtikan ieu tiasa berjalan sareng kenging diserat kanggo umum, boh sim kuring anu seja ngadamel seratan sanes aya dina maksad awon atanapi oge aya dina maksad kanggo ngagul-ngagul hal-hal anu memang teu samestina kedah diagul-agulkeun.

Nanging mung saukur gaduh paniatan, yen ku ayana data-data anu kacutat nyata dina dokumen-dokumen sejarah kulawargi anu sifatna ti handap, oge dokumen-dokumen sajarah akademik anu ilahar atanapi anu parantos tiasa katampi secara umum anu sifatna ti luhur; tiasa nyambung patepung ngabangun wangunan anu utuh tur weweg dina ngajelaskeun sajarah perkembangan garis silsilah. Utamina wae dina mangsa peralihan tina periode karajaan Hindu-Budha akhir ka mangsa awalna kasultanan Islam hingga mangsana kiwari.

Kitu anu tiasa kacatur dina bubuka ieu jejer seratan, mudah-mudahan tiasa katampi sareng aya dina kajembaran panga punten anu ngaos boh bilih aya kalepatan dina tata basa sareng cariosan anu aya, boh bilih aya kalepatan dina isi anu aya.

Batujajar,
Gelar Taufiq Kusumawardhana

ditulis oleh

Gelar Taufiq Kusumawardhana

Penulis merupakan ketua Yayasan Buana Varman Semesta (BVS). Adapun Yayasan Buana Varman Semesta (BVS) itu sendiri, memiliki ruang lingkup perhatian yang diwujudkan dalam tiga bidang, yakni: (1) pendidikan (Department of Education) dengan unit kerja utamanya yang diberi nama The Varman Institute – Pusat Kajian Sunda (2) Ekonomi (Department of Economy) dan (3) Geografi (Department of Geography) dengan unit kerja utamanya yang diberi nama PATARUMAN – Indigo Experimental Station.

Pada saat ini penulis tinggal di Perumahan Pangauban Silih Asih Blok R No. 37 Desa Pangauban Kecamatan Batujajar Kabupaten Bandung Barat Provinsi Jawa Barat (merangkap sebagai kantor BVS).

"Menulis untuk ilmu dan kebahagiaan,

menerbangkan doa dan harapan,

atas hadirnya kejayaan umat Islam dan bangsa Indonesia".