“Saha nu rék béla ka Sunda, geura tuturkeun kula!”
Ngaweuhan sora Wangsanata, samulangna ngarurug kumpeni di Batawi. Loba nu tatu jeung palastra, nadah pélor mariem tina hulu singa.
“Kula rék baha ka Mataram. Bongan asa diparabkeun, bari angger kudu sumujud ka deungeun-deungeun.”
Ngaweuhan deui sora Wangsanata, parat ka Imbanagara, laju ditatalépakeun ka Ngayogyakarta.
Geuneuk beusi atah beuleum, pameunteu Sang Susuhunan. Asa dikutiplak ku pantar pacikrak: humayua, siah, apan aing merak!
“Kepung wakul Gunung Lumbung! Montong aya nu ngalolos.”
Ngambreg pasukan ti wétan, pikeun nyerek ulon-ulon. Pamungpungan balad Ukur, ditingker ti madhab papat, kékép séség congo tumbak.
Geuningan taya nu metu. Nya boboléh Ronggonoto, teu sanggup neruskeun hanca. Ari gegedén Sunda lianna, horéng aya nu kabongroy, nyanggupan milu ngarurug, mantuan prajurit Jawa.
“Tah kitu dongéngna, pangna karuhun urang baheula ditunggel jangga di alun-alun Mataram,” ceuk uyut bari rénghap ranjug.
Ti harita uing tambah engeuh, horéng Sunda nu hianat ka dulurna, geus aya ti baheulana. *** (Tatang Sumarsono)