Ini tritangtu di bumi. Bayu kita pinaka prebu, sabda kita pinaka rama, hedap kita pinaka resi. Ya tritangtu di bumi; ya kangken pineguh ning bwana ngaranna.
Kitu cutatan tina Sanghyang Siksa Kandang Karesian, naskah anu disusunna taun 1518 Maséhi, dina jaman Sri Baduga Maharaja ngaheuyeuk Karajaan Sunda. Bagian anu dicutat bieu téh disebutna tritangtu di bumi, atawa tritangtu di bwana.
Lamun dina sistem pamaréntahan Barat (anu sok dibéré cap modéren), aya anu disebut trias politika, tah ari di Sunda mah tritangtu di bumi téa (saterusna urang singget jadi: TdB). Trias politika téh (urang singget jadi: TP) téori nu diasongkeun ku ahli pikir Montesquieu (1689-1755), dina bukuna l’Esprit des Lois. Kakawasaan nagara téh, kitu cék Montesquieu, dibagi jadi tilu bagian, nyaéta pouvoir legaslative, pouvoir eéecutive, jeung pouvoir judiciaire. Dina élmu katatanagaraan anu diajarkeun di sakola mah sok diistilahkan babarina waé: legislatif (lembaga perwakilan anu tugasna nyusun undang-undang), éksékutif (lembaga birokrasi pamaréntahan), jeung yudikatif (lembaga kahakiman).
Tangtu waé, TP anu kiwari umumna jadi anutan sakur nagara di dunya, aweuhanana leuwih gedé batan TdB. Apan TP mah terus jadi ulikan para ahli katatanagaraan. Heueuh, da bonganna anu disebut modéren téh kudu ngindung ka Barat, tepi ka naon-naon anu julna ti dinya langsung waé diteureuy buleud. Sabalikna, ari TdB mah, ku sabab dianggapna gé ukur sawates hasil pamikiran lokal, bawirasa langka pisan anu mikawanoh. Jigana téh tacan tangtu sakabéh urang Sunda anu boga profési ahli katatanagaraan kungsi ngulik éta titinggal heubeul karuhun Sunda. Komo deui atuh balaréa mah; boa tacan ngadéngé-déngé acan istilahna gé.
Éta dua pamikiran klasik anu jolna ti dua lokasi sakitu anggangna téh—Sunda jeung Éropa, tangtu waé henteu ngan saukur béda lebah tatapakan filosofina, tapi deuih dina udaganana. TP nyindekel kana rasio; éta pangna teu nyabit-nyabit wilayah spiritual (agama). Ari sababna, rumusan TP téh lahir tina alam pikiran sekularismeu. Béda deui jeung TdB anu ngasupkeun peranan agama kalawan gumulung (inhéren).
TdB téh sistem pamaréntahan Sunda dina alam harita; kira-kira lima abad ka tukang. Jadi mun dibandingkeun jeung TP anu diasongkeun ku Montsquieu mah heula kénéh Siksa Kandang Karesian, géséhna kurang leuwih tilu abad. Tarjamahan bébasna mah TdB téh kira-kira: tilu unsur anu nangtukeun kahirupan di dunya.
Dina konsép TdB ditétélakeun yén aya tilu unsur anu nangtukeun kahirupan manusa di dunya téh, nyaéta prebu, rama, jeung resi. Saban-saban unsur boga fungsi séwang-séwangan. Najan kitu, dina ngalaksanakeun pancénna mah éta nu tilu unsur téh aya dina hiji kagemblengan, ngurung sakur aspék kahirupan nagara katut manusana.
Disawang tina jihat administrasi pamaréntahan, ditétélakeun yén dina TdB ngurus jeung ngokolakeun nagara téh diwangun ku tilu kawenangan anu dipapancénkeun ka prebu, rama, jeung resi. Anu kaasup kana kolom prebu nyaéta élit birokrat anu dipingpin ku raja; ari kawajibanana nyaéta ngokolakeun nagara sahadé-hadéna, boh di pusat boh di daérah.
Prebu lambangna Déwa Wisnu, bayu (kakuatan, tanaga), palangka (pamaréntahan), darma (pangabdian), diwewegan ku karakter jeung kapanceg sikep, anu diébréhkeun dina ungkara kalimah: ngagurat batu.
Ari rama nyaéta jalma-jalma anu koloteun jeung dipikolot ku balaréa (mun dina alam kiwari mah jigana teu jauh ti sebutan tokoh masarakat atawa informal leader), minangka wawakil rayat. Kahayang atawa angen-angen (aspirasi) balaréa, ditampung jeung ditepikeunana téh kudu ku rama. Ku sabab kitu, rama téh kudu seukeut deuleu, seukeut déngé, jeung seukeut rasa enggoning ngamalirkeun kereteg anu jolna ti handap. Ku sabab éta, rama kudu boga sikep jeung tangtungan ngagurat lemah, maksudna boga kawenangan nangtukeun kana naon-naon anu rék dipigawé (ku prabu). Kadé, nu dimaksud lemah di dieu lain anu biasa larap dina basa Indonésia, anu Sundana héngkér, tapi lemahanu hartina taneuh (lemah cai = tanah air). Mun dina alam kiwari mah, rama téh kawasna teu pati géséh ti para anggota legislatif.
Rama lambangna Déwa Brahma. Aktivitasna dina bentuk sabda (ucapan) jeung daranan (ékonomi), pikeun ngahasilkeun arta (kakayaan). Ku sabab éta, karakterna téh kama’muran.
Ari resi nyaéta maranéhna anu boga tugas ngaberdayakeun jeung nitenan palaksanaan agama jeung hukum dina kahirupan masarakat. Lambangna téh Déwa Siwa atawa Iswara. Aktivitasna dina bentuk budi jeung nurani pikeun ngahontal katingtriman jeung karaharjaan. Karakterna dina wujud itikad, tur kudu nyekel sikep ngagurat cai; maksudna kudu ningtrimkeun, upamana waé dua pihak anu keur patelak.
Prabu boga kakawasaan pikeun ngajalankeun pamaréntahan. Tapi dina prakna mah salawasna kudu ménta pamanggih jeung tinimbangan ka rama jeung resi.
Saterusna dina Siksa Kandang Karesian ditétélakeun: “Sang rama, sang resi, sang prabu mangka pahi iyatnayatna di duuman siya. Sang resi ngagurat cai, sang rama ngagurat lemah, sang prebu ngagurat batu. Hedap ma duumkeun ku sang resi, sabda ma duumkeun ku sang rama, bayu ma duumkeun ku sang prebu.” (Sang rama, sang resi, jeung prebu kudu enya-enya engeuh kana hak anu dipiboga ku aranjeun séwang-séwangan. Sang resi kudu mampuh boga sikep ngagurat cai, sang rama ngagurat lemah, ari sang raja ngagurat batu. Nurani kudu dipiboga ku sang resi, ucapan kudu dipiboga ku sang rama, jeung kakuatan kudu dipiboga ku sang prebu).
Aya babandingan anu plastis dina istilah ngagurat bieu téh. Resi kudu mampuh ngagurat cai. Ari cai, apan ilaharna ogé teu bisa digurat teu bisa dibeulah, sabab bakal saharita nyambung deui. Ku kituna, lamun aya dua pihak anu keur patelak, ku resi kudu bisa gancang-gancang diakurkeun deui; teu béda ti cai anu digurat. Ari rama, kudu mampuh ngagurat lemah; maksudna mah nyieun tanda dina luhureun taneuh, anu engkéna jadi pituduh pikeun anu leumpang pandeuri. Prebu kudu mampuh ngagurat batu, anu maksudna mah kudu pengkuh dina hiji putusan; teu béda ti gurat anu dijieun dina batu, apan teu teu bisa dipupus.
Naha anu bieu didadarkeun téh masih kénéh bisa dilarapkeun dina kakiwarian? Lamun nitenan kana ésénsina, gedé kamungkinan bisa; najan dina sawatara bagian mah jigana kudu aya anu diluyukeun deui jeung kahanan jaman kiwari. Nya saheulanan ayeuna mah, urang wawuh wé atuh; yén urang téh boga titinggal karuhun, anu bisa jadi teu éléh (-éléh teuing) ku hasil pamikiran modéren. *** Tatang Sumarsono
Sumber:
1. Sanghyang Siksa Kandang Karesian, transkripsi jeung tarjamahanana dikaluarkeun ku Proyek Pengembangan Permuseuman Jawa Barat, 1981
2. Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran, karya Edi S. Ekadjati, wedalan Pustaka Jaya, 2005