Dina hiji mangsa kuring gundem catur jeung sohib sasama penulis jeung jurnalis, ngeunaan urang Sunda kiwari nu aya kaitanana jeung kasajarahan. Tangtuna sajarah nu aya pakaitna jeung kahirupan urang Sunda. Ti bihari tug dugi ka kiwari. Ari kuring sok resep nyaritakeun sajarah Sunda nyoreang ka tukang, kayaning Salakanagara, Tarumanagara, Sunda, Galuh, Galunggung, Galuh Kawali, Pajajaran, jrrd. Sedengkeun sohib mah resepna kana sajarah Sunda kontemporer alias saacan nagara jeung saeunggeus nagara urang merdika. “Jauh teuing mikiran mangsa Prabu Siliwangi Pajajaran mah Kang,” pokna.

Mending nu deukeut we nu kungsi ka alaman ku bangsa urang dina cita-citana hayang merdika. Eta caritaan teh bener pisan, teu salah. “Nya kieu atuh, Akang mah nulis atawa ngaguar tapak lacak urang Sunda saacana atawa saeunggeusna nagara urang merdika. Kuring keun we nyaritakeun atawa nulis carita kabaheulaan. Urang bagi-bagi tugas. Akang ngaguar Sunda kontemporer, Kuring Sunda klasik,” jawab kuring. Eta pagundeman teh kajadianana di hiji warung sangu di Tasik kidul basa aya Kang Dedi Mulyadi harita masih Bupati Purwakarta minton di Cikukulu. Harita grup seni Kang Dedi disambut ku hujan anu gede. Geus tilu penulis eta caritaan teh meh sarua. “Tos we Kang, ayeuna mah urang ngaguar perjuangan urang kiwari we, kitu meureun kurang leuwihna mah,” pokna sarua jeung nu ti heula. Tangtuna kuring teu bisa nyalahkeun pamadegan Aranjeuna. Tapi sajeroning kitu dina hate kuring nyarita sorangan, ieu mah hate kuring. Kunaon dina Alqur’an sok aya carita para nabi. Contona Nabi Adam, sok komo deui Nabi Muhammad seueur pisan. Pan eta teh nyaritakeun baheula. Eta panginten ari Alqur’an wahyu mah dijamin benerna, ari sajarah mah hasil olah pikiran manusa, loba salahna batan benerna. Ah, keun we, kuring mah rek tetep ngaguar Sunda bihari. Bisi incu urang ka hareup teu arapaleun sajarah Sunda baheula. “Da, Sunda mah memeh nagara urang merdika ge, geus aya, geus boga budaya, pamarentahan (karajaan nu gede),”, gerentes hate kuring nyarita sorangan. Pikeun kuring mah nyaritakeun Sunda kabaheulaan teh penting keur ngagenjot spirit atawa ngadorong sumanget sangkan urang Sunda ulah jati kasilih kujunti. Jiga kaayaan urang Sunda kiwari, utamana dina urusan pulitik. Sarwa tinggaleun. Tangtuna ieu teh meureun salah sahijina, geus teu reueus kana tapak lacak sajarah urang Sunda baheula. Beda jeung urang Jawa, Jepang, Tiongkok, Arab, India jeung rea-rea deui (jrrd). Bangsa ieu gede kulantaran mupusti kana sajarahna. Loba buku ngeunaan kahebatan sajarah jeung budayana sewang-sewangan, ti mimiti bangsa eta lahir tug dugi ka kiwari. Ari urang Sunda?. Aya eta oge ngan teu lengkep. Bari masih dipadungdeungkeun, henteu ari pagedrug mah, ceuk salah sahiji pakar sajarah kitu, ceuk pakar sajarah nu sejena kieu. Bari jeung nu getrengna oge sarua ahli sajarah ti urang Sunda, contona Naskah Wangsakerta. Tah kuring mah miharep nu resep kana sajarah Sunda kabaheulaan (klasik) sok sing gemet sangkan jadi spirit pikeun kamajuan urang Sunda ka hareup. Kitu deui nu resep kana sajarah Sunda kontemporer sok sing gemet sangkan urang Sunda sumanget bisa sajajar jeung seler deungeun. Mugia Varman Intitute sing jadi pameungkeut eta pamadegan nu beda, tapi tujuana mah sarua. Prung ah! (Bada subuh/Agung Ilham Setiadi/AIS)