Bubuka

Mun ngaguar bangsa Arab, pikiran urang pasti kumalayang ka nagri Arab, nu kiwari riweuh wae. Nya keun eta mah urusan urang Arab. Ieu mah ngabejaan bulur tuur sugan aya magpaatna. Dina ngaguar bangsa Arab tangtuna perlu rujukan.
Dina ngaguar ieu bangsa Arab, kuring kawilang loba nyutat sumber buku yasana Prof. Dr. Hamka nu judulna Sajarah Umat Islam: Samemeh Kanabian tug ka ayana Islam di Nusantara, neangan buku ieu meh aya kana 30 taun leuwih, buku nu kawilang langka, hese neanganana, da baheula samemeh kuring rimbitan, kungsi maca nu jilid ka tiluna.
Alhamdulillah bukuna medal deui dina wajah sampul jilid buku nu beda, harita mah Sajarah Umat Islam yasana Prof. Dr. Hamka aya opat jilid, kiwari dihijikeun jadi sabuku, medal buku nu diterbitkeun ku Gema Insani Press, tangtuna pikeun kuring mah asa ngimpi. Da eta, atuh hese neanganana
Kunaon make basa Sunda, ieu salah sahiji upaya sangkan basa Sunda, bisa oge jadi panganteur pikeun nulis nu aya pakaitna jeung kajembaran urang Sunda, hususna, legana bangsa jeung basana seler deungeun, sabab dina kahirupan sapopoe , urang teu bisa pisah tina rupa-rupa bangsa atawa basa anu beda. Sok komo nu ngaku ngagem Islam. Pan sapopoe maca Alquran make basa Arab, henteu make basa Jawa atawa Sunda. Di rohangan ieu basa Sundana make basa Sunda salancar, basa sapopoe, nulisna make gaya jurnalistik. Mugi tiasa mangpaat kanggo nu macana

Asal Muasalna nu Hiji ti Sam

Dina jaman jeung mangsa nu sarwa maju, nyukcruk galur asal muasal hiji bangsa jeung basana nu aya pakaitna jeung seler bangsa nu sejena. Hal ieu mangrupakan anu penting pisan ditalungtik, keur kabeungharan jeung kajembaran elmu.
Numutkeun Hamka, saeunggeusna ditalungtik ku para ahli basa Arab ku cara elmu pangaweruh nu anyar sarta dibandingkeun jeung dikaitkeun ka basa-basa nu liana, saperti basa Ibrani, Asyur, Babilonia jeung Punisia, kapanggih yen kabeh bangsa eta sabenerna silih raketan (berdekatan:ind) jeung asal muasalna teh ti bangsa anu hiji.
Dina hal ieu Hamka netelakeun salah sahiji bukti yen asal-usul bangsa nyatana tina asal nu hiji, diantarana tiasa ditempo tina tangtungan rigig jeung pangawakanana, saperti, buukna nu hideung, janggot nu kandel jeung warna kulitna.
‘Salila sababaraha jaman lilana, bangsa Arab geus aya. Ahli-ahli nu nalungtik jeung ngagali kakayaan eusi dunya (perbendahaaran bumi), geus meunang bukti yen bangsa-bangsa manusa nu hirup dina zaman weusi (besi) miboga tantungan awak nu sarua. (Gustav le Bon)
Hamka negeskeun jalma nu gemet ngaguar asal-usul basa jeung karaketanana oge basa sejena boga sangkaan, yen dataran Arab nu lega, nu aya diantara dua walungan nu gede Furrat jeung Dajlah (Tigris), kitu oge Taneuh Kaukus jeung tebah kaler Taneuh Arab, mangsa katukang dicicingan ukur ku bangsa jeung basa nu hiji
“Ngan nu jadi pagundeman pegedrugna pamadegan para ahli ngeunaan tempat bumen-bumen awal bangsa Sam. Dina Kitab Taurat disebatkeun, yen tempat pakumbuhanna bangsa manusa nu awal-awal nyaeta diantara dua walungan nu gede eta, terus paburencay. Tina nu asal ukur bangsa Sam paburencay jadi
bangsa Asyur jeung Babilonia di Irak, bangsa Aram di Syam, bangsa Punisia di Pantey Syiria, bangsa Arab di Semenanjung Tanah Arab jeung bangsa Etiopia di Habsyi,” pokna, sakumaha dicutat dina bukuna. Salah sahiji panalungtik nu masyhur Jarji Zaidan netelakeun;” Salet jeung Rebter nyaritakeun yen asal-usul titinggal bumen-bumen bangsa Sam nyaeta ti taneuh Habsyi. Parandane kitu panalungtik sejena anu diluluguan ku Sprenger, Serider, Robertson jeung Wengkler netelakeun yen asal-usulna tempat cicingnja bangsa Sam, nya di Semenanjung Tanah Arab. Kadieunakeun, kakara bangsa eta mencar ka sakuliah dunya. Sedengkeun Egnazie Guidi netelakeun yen asal-usul bangsa Sam ti tebah kaler Furrat. Pagedrugna para ahli, ngeunaan asal-usul tempat dumukna bangsa Sam dina mangsa harita. Numutkeun Hamka, para ahli sapuk yen Sam anu paburencay jadi rupa-rupa bangsa, mangsa harita basana ngan saukur hiji, kulantaran robahna pangaruh iklim jeung milu aturan atawa undang-undang kamajuan hirup nu lumangsung, lambat laun, jadi ngajauhan kayaning sorana, kitu deui cacarekanana (hurufna) jeung beda oge susunan hurufna. (Agung Ilham Setiadi)