Amanat Galunggung:
….”Jagat daranan di sang rama, jagat kreta di sang resi, jagat palangka disang prebu” (…dunya kamakmuran tanggung jawab sang rama, dunya kesajahteraan tanggung jawab sang resi, dunya pamerintahan tanggung jawab sang prabu)
(Sosok Pamingpin Sunda dina Gagasan jeung Pengalaman: Trias Politika Diasakkeun ku Ngalakukeun Tapa, Bagean tina Sistim Pamarentahan Sunda ku Tatang Sumarsono)

Tritangtu di Bumi (Tritangtu di Buana):
“Ini Tritangtu di Bumi. Bayu kita pinaka prebu, sabda kita pinaka rama, hedap kita pinaka resi. Ya, Tritangtu di bumi; ya kangken pineguh ning bwana ngarana”. (Ieu Tilu Katangtuan di dunya. Karaharjaan urang ibarat raja, ucap urang ibarat rama, budi urang ibarat resi. Ieu tilu kakuatan dunya, nu disebat pakuna (paneguh) dunya.
(Bagean tina Sistim Pamarentahan Sunda: Tatang Sumarsono. Kaca: 119-135. Dicutat tina naskah Sunda kuno, Siksa Kandang Karesian)

Amanat Galunggung (AG) atawa disebat oge Amanat ti Galunggung, nyaeta naskah nu asalna ti Kabuyutan Ciburuy, Garut. Sabenerna naskah eta henteu aya judulna, hasil gawe ngumpulkeuneta naskah digawean ku J.I.A Brandes, mimiti ditalungtik ku K.F. Holle, C.M Pleyte, jeung R. Ng. Porbatjaraka. Eusina ngeunaan ajaran hirup pikeun para pamingpin dina rupa nasehah, dina hal ieu nasehah Rakeyan Darmasiksa, raja di Sunda nu marentah dina 1175 M-1197 M, pikeun putra-putrana, incu-incuna jeung katurunanana. Saacana naek tahta ngalungguhan jadi Raja Sunda, Darmasiksa memehna kungsi marentah di Saunggalah (kiwari Kuningan) nu wewengkonna aya didaerah Galunggung. Kukituna, naskah nu teu kungsi make judul ieu, kunu nalungtikna, breh kadieunakeun, dibere judul Amanat Galunggung (Tatang Sumarsono; 127/Sosok Pemimpin Sunda dalam Gagasan dan Pengalaman)
Dina buku sajarah Jawa Barat (Yuganing Raja Kawasa) yasana Drs. Yoseph Iskandar dicutat tina Naskah Pangeran Wangsakerta,Prabu Guru Darmasiksa Paramarta Sang Mahapurusa atau Sang Prabu Sangyang Wisnu ngalungguhan jadi raja di Karajaan Sunda (kaasup Galuh jeung Galunggung) salila 12 taun (1175 M-1187 M), kabeh dieunakeun pamarentahanana pindah ka Pakuan Bogor, nyakrawati di karaton Pakuan salila 110 tahun (1187-1297 M), (kaca;185). Kajayaan jeung kaadilan salah sahiji Raja Sunda kungsi oge dialaman dina mangsa raja Galuh nu jadi maharaja di Kawali (Galuh Kawali) ayeuna Ciamis kaler, nyaeta, Prabu Niskala Wastu Kancana (1371 M-1475 M). Puncak kajayaan kungsi kaalaman pisan dina mangsa saeunggeusna Pamarentahan Galuh Kawali balik deui ka Pakuan (Bogor) dina mangsa nu jadi rajana, Sri Baduga Maha Raja, Prabu Jayadewata, Pamanahrasa (Manahrasa) atawa nu kakoncara dina carita rahayat mah Prabu Siliwangi (1482 M-1521 M), putra ti Prabu Dewa Niskala (1475 M-1478 M), incu ti Prabu Niskala Wastu Kancana, jeung buyut ti Prabu Linggabuana (1350 M-1357 M) nu leuwih dipikawanoh dina prahara Bubat (Diah Pitaloka/Citraresmi), ieu tilu raja kalungguhanana di Galuh Surawisesa, Kawali/Ciamis.
Dina mangsa ieu karajaan Sunda ngalaman mangsa kajayaan, leuwih kakoncara ngarana Karajaan Galuh Pakuan/Pakuan Galuh atawa leuwih mahsyur disebat Karajaan Padjadjaran. Jeung dina mangsa ieu pisan konsep tritangtu dibumi diterapkeun ku Sri Baduga Maha Raja, sakumaha nu kacutat dina naskah Siksa Kandang Karesian.

Siksa Kandang Karesian (SKK), naskah kuno disusun dina taun 1518 Masehi, mangsa Sri Baduga Maha Raja (Prabu Jayadewata/Siliwangi) ngawasa singgasana jadi raja di Karajaan Sunda atawa Raja Padjadjaran nu munggaran. Cutatan di luhur disebat titangtu di bumi atawa tritangtu di bwana (hartina tilu panangtu kahirupan di dunya. Disingket TdB). Dina konsep TdB, aya tilu unsur penting kudu diperhatikeun, prabu-rama-resi, nu nurutkeun SKK mangrupakeun inti tina kagiatan ngokolakeun atawa ngolah hiji nagara, demi bisa ngahontal kasajahteraan balarea babarengan. (Tatang Sumarsono :119/idem)
Dina AG, SKK dan TdB, urang tiasa narik kasimpulan yen urang Sunda saacana lahir sistim demokrasi, leuwih dipikawanoh disebat trias politica (TP), hasil olah pikir bangsa deungeun urang Prancis, Montesquieu (1689-1755 M). Urang Sunda geus miboga konsep kumaha cara ngokolakeun atawa ngurus nagara nu sakitu jentrena, jeung deuih geus dibuktikan lain ukur carita.

Ditilik tina umur lahirna konsep urang Sunda ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, salisihna TdB jeung TP beda lila waktuna salila171 taun, tina lahirna Montesquieu, mun diukur tina maotna nu nyiptakeun buku l’Espirit des Lois, kakoncara dina sajarah mah ku trias politica-na (pouvoir legislative-pouvoir eksekutif-pouvoir yudicaire) biasana dina alam demokrasi urang sok nyebut legislatif, eksekutif, yudikatif,tangtuna oge leuwih kolot deui 237 taun tina TdB, sok komo deui mun jeung AG. Nilik ka tukang kana TdB atawa AG, urang Sunda boga kaunggulan batan TP, parandane kitu AG dina eusina leuwih nyoko jeung ngutamakeun paripolah (tata krama), kumaha sakuduna paripolah (moral/etika/ahlak) nu kudu dipimilik ku pamingpin. Sahenteuna, AG, SKK jeung TdB-na, geus mere rambu-rambu calon pamingpin nu hade.
Dina hal ieu, samistina urang Sunda kudu reueus, kudu leuwih maju, bisa mateakeun (nerapkeun) konsep nu kungsi disusun ku karuhun Sunda dina jihad kakiwarian, pikeun ngokolakeun hiji nagara. Jeung tong poho, paripolah atawa tata krama pamingpin, dina konsep Sunda mah segala-galana. Mun rusak kalakuaannana, teu amanah, ingkar janji ka rahayat jeung rea-rea deui, alias teu eucreug, pastina oge rusak nagarana. Sajarah ngabuktikan naon wae seke selerna (bangsana), mun kalakuan pamingpina, wakil rahayatna, oge panegak hukumna, kitu deui rahayatna, paripolahna rusak tanwande pastina oge nagarana bakal ancur.
Tatang Sumarsono ngungkab AG dan TdB leuwih gemet deui. Nurutkeun hasil talaahna mun ditilik konsep baheula dina TdB, aya nu kataji dina ngagunakeun kalimah metaforana nu kacida plastis: ngagurat batu, ngagurat lemah jeung ngagurat cai.
Prabu kudu miboga sikep saperti ngagurat batu,dina ngemban amanah ti rahayatna atawa ngalaksanakeun tugasna, kudu tegas jeung teu pandang bulu. Sedengkeun rama kudu mampu ngagurat lemah, nu hartina bisa nyieun tanda di luhur amparan taneuh, jeung fungsina pikeun mere pituduh arah. Mun henteu dumasar kana pituduh nu dijieun ku rama, marenahna nu laleumpang di luhurna bisa kaleungitan arah (sasar).

Kukituna oge hiji prabu dina ngajalankeun tugasna, kudu tumut kana pituduh nu dijieun ku rama, nu pada dasarna ngaluarkeun eusi hate nurani rahayat. Prabu jeung rama bakal tambah kuat ngokolakeun nagara, mun diwewegan ku resi saperti ngagurat cai resi miboga tugas, yen, mun aya pihak-pihak anu parasea, kudu mampu ngabalikeun deui kana kaayaan saacana, akur, tur salamet mulus rahayu teu aya tapakna, teu obahna amparan cai, nu tetep ngahiji, kajeun dina kabuktianana hese diukir. Tegesna resi, kudu mutuskeun hiji perkara nu adil dina nangtukeun hukum ka saha wae nu keur parasea.

Sakumaha nu ditulis dina SKK: “Sang rama, sang resi, sang prabu mangka pahi iyatnayatna di duuman siya. Sang resi ngagurat cai, sang rama ngagurat lemah, sang prebu ngagurat batu. Hedap ma duumkeun ku sang resi, sabda ma duumkeun ku sang rama, bayu ma duumkeun ku sang prebu. (Sang rama, sang resi, sang prebu kudu bener-bener sadar kana tugas nu dipikaboga sewang-sewangan. Sang resi kudu mampu boga sikep ngagurat cai, sang rama kudu mampu ngagurat lemah, jeung sang prebu kudu mampu ngagurat batu. Nurani mistina dipikaboga ku sang resi, ucapan misti dipikaboga ku sang rama, jeung kakuatan misti dipikaboga ku sang prebu).

Konteks jeung konsep AG, disampurnakeun ku TdB nu aya dina SKK, esensina (nileyna), masih luyu jeung konteks kakiwarian. Ngan, kulantaran TdB jigana geus teu dilieuk deui ku urang Sunda, nu jadi marga lantaran dianggap geus tu luyu deui jeung kaayaan zaman. Kadesek konsep TP, nu geus pada nyaho lahir ti dunya Barat (Prancis). Tapi tiasa bae diadumaniskeun esensina, niley moral nu ngancik dina TdB jeung TP, ngan nu ngabedakeun dina TdB leuwih ngutamakeun atawa ngajungjung luhur kana kautamaan ahlak.
Sakumaha nu dicaritakeun ku Tatang Sumarsono Trias Politika nu lahir di Prancis, bisa Diasakkeun ku Tatapa. Bagean tina Sistim Pamerentahan Sunda. Tatang negeskeun yen perlu dipikanyaho harti tatapa dina AG, hartina amal atawa pegawean. Lain dina harti tapa seperti nu ku urang dipikawanoh kiwari, medem jero (cicing) sorangan ditempat singkur (guha, leuweung genggong jeung tempat nyepi sejena) jauh ti pilemburan. Ngeunaan, tatapa nurutkeun AG, para gegeden atawa elit pamingpin nu ngemban amanah, pikeun ngokolakeun pamarentahan, nyaeta kumaha samistina, prebu-rama-resi dina ngajalankan tugasna. Seperti nu ditulis dina AG. “Carekna patikrama, na urang lanang madwa, iya twah iya tapa, iya tuwah na urang, gwareng twah gwareng tapa, maja twah maja tapa,, rampes twah waya tapa, apana urang ku twah na mana (beu(ng)hark u twah ma waya tapa” (Nurutkeun ajaran patikrama, pikeun urang, lalaki jeung awewe, nya nyieun amal, nya, tatapa; eta teh pagawean urang. Goreng amalna hartina goreng oge tapana, sedeng amalna hartina sedeng oge tapana, sampurna amalna, hartina sampurna oge tapana, Naon wae urang, kulantaran pagawean amal bisa jadi beunghar, sabab amal oge bisa ngahasilkeun tapa urang; ( Tatang Sumarsono 131)

Ngagali sacara luas jeung diguar sajarah Sunda leuwih lega kalayan gemet, eta teh hiji kaniscayaan. Eta mah rek sajarah Sunda klasik atawa Sunda modern. Kunaon kitu , sabab urang hariwang aya kacenderungan, urang jeung nonoman Sunda kiwari, geus ngarasa teu reueus deui kana mutiara nu nyumput dina tetekon jeung titinggal karuhun, nu di jerona pinuh ku niley-niley, tata krama nu luhur. Dina ngokolakeun nagara, nu kiwari geus ditinggalkeun ku urang, nu ngaku urang Sunda.
Samalah numutkeun hasil panalungtikan para pakar sajarah Sunda, seperti, Dr. Ayatoerohaedi, Prof, Dr. Edi S Ekajati, Atja, Dana Sasmita jeung rea-rea deui, teu mustahil konsep urang Sunda dina ngalahirkan pamingpin jeung kumaha carana ngolah nagara geus aya, ti zaman Karajaan Salakanagara (Banten/Pandeglang/Ujungkulon)), jeung diteruskan ku Karajaan Tarumanagara, (Pakuan/Bogor), Galuh (Karangkamulyan/Bojong Galuh/Ciamis), Galunggung (Tasikmalaya), kudu aya perhatian jeung panalungtikan kiwari, ku urang Sunda nu keur halamham (haus) neangan pamimgpin Sunda, nu bener-bener merhatikeun Sunda demi kasejahteraan bangsa Indonesia.

Prabu Darmasiksa jeung Prabu Siliwangi geus ninggalkeun warisan tapak lacaknu agung,kumaha cara ngolah nagara. Dina mangsa dua raja ieu Kerajaan Sunda ngalaman mangsa kajayaan, ieu teh fakta sajarah nukudu dipikanyaho ku urang Sunda.
Nurutkeun Yuganing Raja Kawasa. Prabu Darmasiksa nyaeta akina Prabu Kretarajasa Jayawardhana, leuwih dipikawanoh Rd. Wijaya, Raja Kediri-Singosari atawa nu leuwih kakoncara Karajaan Majapahit. Teu saeutik urang Sunda. Utamana nononam Sunda teu nyaho, yen Rd Wijaya, Raja Majapahit eta sebenerna dulur urang Sunda, boga titisan geutih nu kuat jeung raja-raja nu ngalungguhan singgasana di Galuh jeungGalunggung (Karajaan Sunda). Ukur ngingetan jeung bisa dicandak hikmah atawa pelajaran, Prabu Darmasiksa sempet ninggalkeun wasiat ka anak-anakna, incu-incuna jeung katurunanana. Tiasa wae keur nu haat ka urang nu masih ngaku teureuh Sunda.

Wasiat Sang Prabu Guru Darmasiksa ka Rd Wijaya (Prabu Kretarajasa Jayawardhana) Penguasa Kediri –Singasari (Majapahit):
Hawya ta sira kedo athawamerep ngalindih Bhumi Sunda mapan wus kinaliliran ring ki sanak ira dlha yan ngkuwus agheng jaya santosa wruh ngwang kottaman ri puyut katisayan mwang jayacatrumu, ngke pinaka mahaprabu. Ika hana ta daksina sakeng Hiyang Tunggal mwang dumadi sarataya
Ikang sayogyanya rajya Jawa lawan rajya Sunda parosparo pasarpana atuntunan tangan silih asih pantara ning padudulur. Yatanyan tan pratibandeng nyakrawati rajya sowangsowang. Yatanyan siddha hita sukha, Yan rajya Sunda dukhantara. Wilwaltika sakopayana maweh carana; mangkana rajya Sunda ring Wilwatika (Saestuna aranjeun ulah rek ngagunasika, sok komo nyerang jeung ngarebut Bumi Sunda kulantaran geus diwariskeun ka dulur-dulur aranjeun, ke jaga kula geus teu aya dikieuna. Kajeun nagara anjeun geus gede jeung jaya sarta santosa, kula maklum kana kautamaan, kalua biasaan jeung kadigjayaan (kagagahan) aranjeun, engke nu jadi raja gede. Ieu sabenerna anugrah ti Nu Maha Esa jeung geus jadi suratana-Na. Geus salayakna (kakuduanana) Karajaan Jawa jeung Karajaan Sunda silih bantuan, gawe bareng jeung silih asihan diantara kulawarga. Sabab kitu omat ulah parasea dina marentah karajaan sewang-sewangan. Parandane kitu bisa meunang kasalametan jeung kabagjaan nu sempurna. Mun Karajaan Sunda menang kasusah, Majapahit saestuna kudu aya upaya bener-bener mere bantuan, kitu deui halna Karajaan Sunda jeung Majapahit. (Dana Sasmita 1983;23/Sejarah Jawa Barat/”Yuganing Raja Kawasa” Drs Yoseph Iskandar: 189-190).*** Agung Ilham Setiadi